Hadirin sadayana, dina danget ieu sim kuring bade nepikeun pidato
ngenaan watek budaya Sunda. Ari sunda teh asalna tina kecap su anu
hartina alus anu ngabogaan unsur kana kasaean. Watek sunda anu ku
simkuring dipimaksad nyaeta cageur, bageur, singer, jeung pinter.
Harti kecap sunda teh luhur pisan nyaeta gumilang. Harti kecap eta
heuteu ngan dilarapkeun dina panampilan , tapi aya dina manah urang
sunda sadayana. Dina kahirupan urang sunda seueur pisan kabeungharan
seni jeung budayana. Salah sahijina nyaeta Tarling. Tarling singketan
tina gitar suling, mimiti munculna di wewengkon Cirebon jeung Pantura
iawa barat jaman Balanda, taun 1935-an.
Contoh Naskah Pidato Bahasa Sunda Tema Kebersihan
Contoh Naskah Pidato Bahasa Sunda Tema Kebersihan
Hadirin anu ku simkuring di pihormat, sakumaha anu uninga ku urang
sadayana, sabaaraha kota di Jawa Barat teh tos sering kenging piala
adipura ku sabab kabersihanana, endah sareng asri. Ku kituna urang
sadayana keudah ngajagi kana eta kapercanteunan pamarentah ka urang
sunda umumna. Tapi, aya wae masarakat sunda anu sok miceun sampah timana
wae. Sabab kurangna kasadaran di diri satiap jalma ngeunaan kabersihan.
Ku kituna hayu urang sing sadar kanu jadi kabersihan kususna di kota
urang sorangan jeung umumna di Jawa Barat.
Contoh Naskah Pidato Bahasa Sunda Tema Internet
Bapa/ ibu guru anu dipikahormat sareng rerencangan anu dipikacinta,
sateuacana hayu urang panjatkeun puji sareng sukur ka gusti Alloh nu
maha Esa, anu tos masihan rohmat sarta hidahyana ka urang sadayana. Ku
kituna ayeuna urang tiasa ngumpul di tempat ieu.
Hadirin sadayana, Sa teu acana simkuring bade ngucapkeun nuhun ka bapa/
ibu guru anu parantos masihan waktos ka simkuring kangge medarkeun hiji
biantara anu judulna “Pangaruh Internet Ka Rumaja”
Hadirin Sadayana, Sateu acan simkuring mitembeyan biantara, simkuring
hoyong medarkeun watesan masalah anu bade dibacakeun, nyaeta diantara ;
pangaruh internet tina segi positif sareng tina segi negative.
Internet, kecap anu teu asing di jaman ayeuna. Internet tiasa diakses
dimana wae, cukup modal hp anu ngabogaan koneksi internet atawa cukup ku
ngamodal duit sabaraha rebu perak, ayeuna mah ampir di unggal juru
jalan, rek di kota atanapi di desa, ayeuna mah geus loba warung anu
ngajual jasa internet atawa anu mana sok disebut “warnet”.
Contoh Pidato Basa Sunda Tema Perluna Para Rumaja Ngamumule Basa Sunda Dina Raraga Ngamekarkeun Budaya Nasional
Unggal bangsa di dunya tangtuna oge boga basa masing-masing anu
dijadikeun alat pikeun ngayakeun hubungan antara hiji jelema jeung
jelema sejenna dina hirup kumbuh sapopoe. Ku alatan basa jelema bisa
muaskeun kabutuhan senina ku jalan ngareka basa sangkan nimbulkeun ajen
seni. Ku sabab basa jelema bisa nambahan pangaweruh jeung ngamekarkeun
pikiranana. Basa oge mangrupakeun ciri mandiri hiji bangsa. Dina basa
kasimpen kabudayaan hiji bangsa. Tegesna mah basa teh nunjukkeun hiji
bangsa.
Urang sadaya parantos terang yen nagara Indonesia teh ngabogaan adat,
suku, basa, agama, jeung tata kahirupan anu beda-beda di unggal tempat.
Syukur ku ayana Pancasila anu mangrupakeun dasar nagara, sanajan
beda-beda kabudayaan jeung tata kahirupan oge tapi tetep dina hiji
beungkeutan, Negara Kesatuan Republik Indonesia anu ngabogaan motto
Bhineka Tunggal Ika.
Contoh Naskah Pidato Bahasa Sunda Tema Ngaronjatkeun Kareueus Nonoman Kana Basa Sunda
Hadirin anu ku simkuring dipihormat.,
Kersaning Gusti Nu Maha Suci, urang sadayana tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu acara. Mugi ieu acara téh lungsur langsar kalayan kahontal sagala anu dipimaksad. Amin.
Ngadegna sim kuring dina danget ieu payuneun parasepuh miwah paratamu anu sami rawuh, taya sanes seja ngiring jabung tumalampung sabda kumapalang.
Kitu oge bari jeung digedeng ku kendang gede pakauman, dag-gig-dug rasaning ati, rumasa sim kuring mah taya kabisa, sanggem paripaos téa mah étang étang lauk buruk milu mijah. Boga catur gé nu tanpa bukur, ngalantur teu puguh alang ujurna taya pulunganeunana.
Nanging sanaos suwung ku pangaweruh suda ku pangabisa, sim kuring baris nyobi ngaguar téma ieu biantara anu unina “Ngaronjatkeun Kareueus Nonoman Kana Basa Sunda”.